B. Daerah

Pertanyaan

1.naon hartina kapilanceuk (2) naon hartina ngalakonan (3) naon hartina diwidian (4) naon harti munggaran (5) naon hartina di suguhan (6) naon hartina nyuhunkeun (7) naon hartina ngawartosan.

1 Jawaban

  • 1. Kapilanceuk, kapi hartina hubungan kulawarga. Jadi, kapilanceuk hartina sacara hubungan kulawarga dianggap lanceuk. Kapilanceuk nyaeta saperti anakna ua atawa emang/bibi.
    2. Ngalakonan asal kecapna tina lakon, lakon hartina laku. Ngalakonan hartina ngalakukeun.
    3. Diwidian asal kecapna tina widi, widi hartina ijin. Diwidian hartina diijinan.
    4. Munggaran hartina mimiti atawa awal.
    5. Suguhan asal kecapna tina suguh, suguh hartina jamu. Nyuguhan hartina ngajamu. Suguhan bisa hartina dijamu. Saperti kalimah "sok atuh suguhan eta tamu teh" kira-kira hartina sarua jeung "sok atuh dijamu eta tamu teh".
    6. Nyuhunkeun hartina sarua jeung menta. Nyuhunkeun mangrupakeun kecap halus tina menta.
    7. Ngawartosan asal kecapna tina wartos. Wartos hartina sarua jeung beja. Ngawartosan hartina sarua jeung ngabejaan. Kecap ngawartosan mangrupakeun kecap halus tina ngabejaan.  

Pertanyaan Lainnya