B. Daerah

Pertanyaan

naon bedana carpon sareng sajak

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Carita Pondok
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Bedana carpon jeung sajak nyaeta carpon mah karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa, sedengkeun sajak mah karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Carpon atawa carita pondok kaasupna kana prosa buhun. Sajak mangrupa wangun puisi anu henteu pati kauger atawa kaiket ku aturan.

    Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosan modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang, conto prosa modern nyaeta saperti carpon jeung novel. Ditilik tina wangun rumpakana, aya puisi anu kaiket ku aturan jeung aya oge puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan anu kaiket ku aturan pupuh, sedengkeun contoh puisi Sunda anu teu pati akiket ku aturan nyaeta saperti sajak jeung kawih.

Pertanyaan Lainnya